Thursday 11 February 2016

Teks Susunan Acara Bahasa Sunda


Asalamualaikum Wr.Wb

Alhamdulillah hirobbil alamin wabihinastain waalaumurriddunyawadin wasolatu wasalamu ala asrofil ambiya iwalmursalin waalaalihi wasohbihi ajmain. Amaba’du.

Qolanabiyu sollallohu alaihi wasalam Man adoma maulidi kungtu syafian lahu yaumal qiyamah.

Sabadana nyanggaken puji kadzanna Allahu robi anu mana mantena parantos masihan mangpirang-pirang kanikmatan ka urang sadayana sehingga urang tiasa kempel ngariung dina ie haplah mubarokah mungguh Allah swt dina rangka nyelenggarakenana  Maulid Nabi Besar Muhammad SAW.

Nikmat anu dimaksad nyaeta nikmatul imani wal islam, Solawat sinareng salamna mugia dilimpahken kajunjungan urang sadayana Kangjeng Nabi besar Muhammad SAW sareng kapara keluargina, kapara sohabatna, paratabiin sinareng tabiatna anu mana mantena ngiring kana jejak langkahna Rosulullah SAW. 

Miwah tipayun anu kusim abdi dipikahormat Bp pengasuh majlis Ta’lim hidayatul umah beserta ibu, Ibu-ibu jemaah majlis ti masing-massing rombonganana nu tebihna maupun nu caketna nu sami-sami di muliaken ku Allah SWT, Anu kusim abdi dipihormat Bp Kiai H.Muhammad Ridwan ti kawali ciamis sanaos sanacan nampak hadir/anu Alhamdulillah parantos nampak hadir, tehilap ka bapa kepala desa tiatasan sampe bawahan, rupina panunuhan tisim abdi dicekapken sakie wae ayena urang diterasken ka susunan acara : acara
1.    Pembukaan
2.    Pembacaan hadiah Fatihah
3.    Pembacaan Albarjani
4.     Sambutan-sambutan
a.       Sambutan pertama Ibu panitia maulid Nabi Besar Muhammad Saw
b.      Sambutan nu Kadua Bapak kepala Desa Pangersa Bp. Sujai Aliyudin
5.    Istirahat
6.    Pembacaan Ayat Suci Al-qur’an (nu bade disanggaken ka ........
7.    Acara Pokok Da’wah Islamiah Maulid Nabi Besar Muhammad SAW
8.     Tutup D0’a

Ayena urang terasken kaacara nu kahiji nyaeta pembukaan, alahadiniah wakuliniatin solihah, ilahadrotin nabiyil mustopa rasulillah sollallahu alaihi wasalam, Al-Fatihah..............................

Alhamdulillahirobbil alamin ngahatur kenehun ka ibu-ibuna sareng bapak/bapakna nau parantos maosken surotul Fatihah, mudah-mudahan pangaosan urang ie sing aya dina kalancaran di awal dugi ka akhir, Amin........

Meningkat ka acara anu 2, pembacaan hadiah Fatihah anu bade disanggaken ka ibu.................

Ngahatur kenuhun  ka ibu......................anu mana mantena parantos maosken hadiah Fatihah, mudah-mudahan hadiah fatihah ie sing didugiken ka ahli kubur, khususna ahli kubur ibu..........umumna ahli kubur uarang sadayana.

Meningkat kaacara anu ka 3 pembacaan Albarjanji anu bade disanggaken ka ibu................waktos sinareng tempatna mangga nyanggaken.

Ngahaturkenuhun ka ibu................anu mana mantena parantos maosken albarjanji, mudah-mudahan singkenging safaat ti Kangjeng Nabi Muhammad Saw, kin diyaumil kiamah khususna kanggo numaoskenana umumna kanggo urang sadayana.

Meningkat kaacara anu ka 4 nyaeta sambutan : Sambutan
1.    Nyaeta panitia maulid Nabi Besar Muhammad Saw pangersa ibu.....................waktos sinareng tempatna mangga nyanggaken.

Ngahaturkenuhun ka ibu panitia anu parantos masihan sambutanana.

2.       Sambutan nu Kadua Bapak kepala Desa Pangersa Bp. Sujai Aliyudin.....................waktos sinareng tempatna mangga nyanggaken.

Ngahaturkenuhun ka bapak kepala desa anu mana mantena  parantos masihan sambutanana, anu sakitu kahartosnanya bu.

Meningkat kaacara nu ka 5 nyaeta istirahat anu bade diisi ku pembacaan undangan/grup kosidah Al-Abna

Meningkat kaacara anu ka 6 nyaeta  pemaosan Ayat suci Al-Qur’an anu bade disanggaken ka ujang tami................waktos sinareng tempatna mangga nyanggaken.

Sodakallohuladzim, ngahaturkenuhun ka ujang...........anu mana mantena parantos maosken ayat suci Al-Qur’an, mudah-mudahan sing kenging ganjaran khususna kanggo numasokennana umumna kanggo urang sadayana, amin.........

Meningkat ka acara nu ka 7 nyaeta Acara Pokok Da’wah Islamiah Maulid Nabi Besar Muhammad SAW aanu bade disanggaken ka BP.................waktos sinareng tempatna mangga nyanggaken.

Alhamdulillahhirobbil alamin, ngahatur kenuhunBp Kiai ..................................anu parantos ngadugiken tausiah islamiah kaurang sadayana anu sakitu kahartosna , mudah-mudahan urang sadayana sing tiasa ngamalkenana, amin. (Baca : Teks Susunan Acara Maulid Nabi)

Acara nu ka 7 nyaeta tutup doa, sateacana tutup do’a simabdi sebagai pengatur acara nyuhunken dihapunten bilihna aya cariosan sim abdi nu kirang raos dina manah ibu-ibu sinareng bapak-bapak sadayana.

Wasalamualaikum Wr.Wb 

Artikel Terkait

No comments: